KABERSIHAN LINGKUNGAN
Assalamualaikum wr .wb.
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur
kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa
kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna
hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib
ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina
sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo
kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun…
“Inna dhofatu minal iman”
Nu hartosna : “Kabersihan
teh sabagian tina Iman”
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng
tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate
urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci
tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu
suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang
sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga.
Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem,
bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh
larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalammu’alaikum Wr. Wb.
PEUTING
Peuting
ieu,
anjeun ngajanggelek na poekna hate
meupeus keuyang rasa nu mancawura
paguliwota na heureutna dada
anjeun ngajanggelek na poekna hate
meupeus keuyang rasa nu mancawura
paguliwota na heureutna dada
ambek
nyedek tanaga midek
napsu
ngagulidag taya liang moncor
antukna
ngaguruh nutupan mamaras
tuluy
ngilang tanpa laratan
nyesakeun
diri nu nyileuk taya karep
tug nepi anjeun nyaangan
mapaesan jemplingna peuting
maturan bari ngelingan
ngajak balik ka na pitrahna
tug nepi anjeun nyaangan
mapaesan jemplingna peuting
maturan bari ngelingan
ngajak balik ka na pitrahna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar